Mun Tulus Jadi Randa

Mun Tulus Jadi Randa

Publication Date: November, 2015

Publisher: Kiblat Buku Utama

Pages: 100

Format: Paperback

Author: Holisoh M.É.

3.50 of 2

Click the button below to register a free account and download the file


Download PDF

Download ePub

*Disclosure:“This post may contain affiliate links and I earn from qualifying purchases”.


"Geus dua peuting salaki teu balik. Pundung. Paduli teuing, di imah nungtun waé rajawisuna. Sakalian ku kuring mah bajuna gé digémbolan ku samping urut tilam ompol Si Bungsu. Ambéh ari manéhna datang, kari sok wé mikeun.
Lieur! Balik-balikanan saimah waé, nungtun pipaséaeun. Pasual­an saeutik bisa jadi paséa rongkah. Tiis ning taya salaki mah. Taya nu barang geureuh, najan sapoé jeput teu barang gawé. Malahan asa tumaninah ulin gé. Kamari mah ngablu wé ka lembur Awi Gedé, lalajo turnamén poli jeung barudak ngora. Pan balik téh dianteurkeun ku tukang ojég nu sok biasa mangkal hareupeun pos ronda. Kang Dahlan, ngaranna téh. Cenah mah duda geus aya taunna, ditinggal­keun maot ku pamajikanana. Mana teu hariwang teu salempang jadi randa gé. Cacak karék po­poéan geus aya nu daék tunyu-tanya."
Cutatan di luhur dipetik tina carpon “Mun Tulus Jadi Randa”, salah sahiji tina 16 carpon karya pangarang wanoja Sunda anu pang­pro­duktifna. Jiga Ahmad Bakri, Holisoh tapis tur parigel dina ngagam­barkeun kahirupan jalma leutik, hususna nu hirup di pilemburan, nyang­hareupan parobahan jaman.