Wildan, mahasiswa “miskin” ti Cirebon, nyicingan imah nu réa jurigan. Basa ngamimitian nyicingan éta imah, pabebeurang aya awéwé beunghar umur lima puluh taunan, hayang maturan manéhna cicing di dinya. “Tumut kana pituduh nu gaib,” cénah. Kumaha polah Wildan jeung Si Ema nyanghareupan para ponggawa jurig? Naha terus dirogahala?
Réréana carpon dina ieu buku nyaritakeun jurig cara nu hirup dina alam pikiran urang Sunda, kalawan gaya carita nu pikaresepeun saréréa, kaasup... jurigna boa.